Jumat, 08 November 2019

Muludan




Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. dina Kaping 12 énjing-énjing dinteun senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi ping 20 April 571 Maséhi.
Anu namina tos di kenal di alam Malakut saméméh di ciptakeuna Kanjeng Nabi Adam A.S. Kitu, saur sapalih katerangan.
Nu akibat lahirna kanjeng Nabi S.A.W. téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji Allooh Robbul Izzaty,nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Allooh Jalla Jalalah.
Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai ka Iimanan sareng kaTauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusa’an, tur apal ka saha nu kudu di jadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu di jadikeun Pangéran.
Ngeuna’an acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. Ir. Soekarno Presidén RI nu ka hiji, ngauningakeun amanat nalika acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di Stadion Gelora Bung Karno (ayeuna, kapungkur mah Senayan) ping 6 Agustus 1963 nu kacutat ieu sumber téh ti Penerbitan Sékrétariat Negara No. 618/1963.
Nu amanatna téh kieu:
“Sore-sore saya di bawa oleh Presiden Syuriah Sukri Al-Kuwatly ke makam Sultan Salahudin, lantas Presiden Kuwatly bertanya kepada saya:
“Apakah Presiden Soekarno mengetahui siapa yang di makamkan di sini…?
Saya berkata, saya tahu, Of Course I Know, This is Salahudin, the great warrior, kataku.
Presiden Kuwatly berkata:
“Tetapi ada satu jasa Salahudin yang barangkali Presiden Soekarno tidak mengetahui.
“What is that ?
Saya bertanya. Jawab Presiden Kuwatly,
“Salahudin inilah yang mengobarkan api semangat Islaam, api perjuangan Islaam dengan cara memerintahkan kepada umat Islaam supaya tiap taun di adakan peraya’an maulid Nabi”.
A.Kasang Tukang di ayakeunana Acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. Nilik kana riwayat sajarah miéling di babarkeunnana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. atawa istilah nu kamasyhurmah “Maulid Nabi Muhammad S.A.W.”, nya éta di mimitian ku Sultan Salahuddin Yusuf Al-Ayyuby nu nyepeng kalungguhan salaku Sultan ti “Dinasti Bani Ayyub” antara taun 1174 – 1193 M. atawa 570-590 H.
Anjeunna téh sanés turunan Bangsa Arab tapi asalna ti suku Kurdi. Nu puseur ka-sultan-nana di Kahiroh (Kairo) Mesir. Sareng daérah kakawasa’anana manjang ti mimiti Mesir nepi ka Syuriah. Nalika anjeunna nyepeng kalungguhan salaku sultan, umat Islaam aya dina ka aya’an harénghéng ku campuhna “Perang Salib” atawa nu katelah “The Crusade” nu di luluguan ku bangsa Érofa (Prancis, Jérman jeung Inggris).
Demi nu jadi dasar di ayakeunana miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. ku Sultan Salahudin Al-Ayyuby téh, taya kajaba tujuanana nya éta pikeun numuwuhkeun rasa kacinta umat Islaam ka Nabi-na, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. ogé pikeun numuwuhkeun sumangeut jihad jeung kabeungkeutna rasa ukhuwah antara umat Islaam. Miturut sapalih katerangan, yén sabenerna nu boga usulan pikeun ngayakeun di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh lain murni usulna Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, tapi asal datangna usulan ieu téh ti “Muzaffarudin Gékbury” nu jadi atabég (mun di urang mah Bupati) di Ibril (Syuriah Utara), nu tujuanana nya éta dina raraga ngimbangan kana ramé di piélingna poé di babarkeunana Kanjeng Nabi Isya A.S. nu katelah “Poé Natal” nu di ayakeun ku kaum Nashrani waktu harita.
Muzaffarudin Gékbury awal ngayakeun ieu Maulid Nabi S.A.W. ukur di lingkungan istana-na wungkul bari jeung henteu tiap taun,tapi saprak ka uninga ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, maka anjeunna miharep ieu téh jadi hiji tradisi pikeun sakumna umat Islaam di sakuliah dunya. Usulan Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, awalna teu meunang kapanujuan ti para Ulama’, sabab hal ieu téh ka asup perkara anyar (bid’ah), tapi Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nandeskeun yén di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh ngan saukur hiji kagiatan nu sifatna ngaramékeun syi’ar agama wungkul, teu ngaweungku kana ritual ka agama’an, jadi teu ka asup kana bid’ah nu di larang, tegesna di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W ka asup bid’ah hasanah (nu hadé).
Satuluyna Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby ngedeuheus nyuhunkeun kasapukkan ka Kholifah An-Nashir di Baghdad, nu akhirna kholifah panuju,réngsé meunang kapanujuan ti Kholifah An-Nashir di Baghdad, maka Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nu harita jeneng janteun pangawasa Haromain (pangawasa dua tanah Suci, Mekkah sareng Madinah), dina taun 579 Hijriyah (1183 Maséhi) ngaluarkeun intruksi ka sakumna jema’ah haji, sangkan saba’da_na réngsé ngalaksanakeun ibadah haji tuluy mulang ka nagri masing-masing ngayakeun sosialisasi ka sakumna Umat Islaam di mana baé ayana, yén ti kawit taun 580 Hijriyah (1184 Maséhi) satiap ping 12 Robi’ul Awwal kudu di ayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. kalayan di eusi ku kagiatan nu bisa numuwuhkeun sumanget jihad jeung ukhuwah Umat Islaam.
Sedengkeun salah sahiji bentuk kagiatan nu di ayakeun ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nyalira dina ngayakeun kagiatan miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh, nya éta di ayakeunana pasanggiri nulis riwayat kahirupan Rosululloh S.A.W. jeung nulis sya’ir nu eusina muji ka Rosulullooh S.A.W. nya pamilon nu pinilih kapilih jadi jawara dina pasanggiri téh, nya éta Syaikh Ja’far Al-Barzanjy. nu anggitanana katelah “Kitab Al-Barzanjy”, nu kitab ieu téh sering di baca nalika di ayakeunana acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di sawatara weuweungkon di nagri urang Indonesia, nepi ka wangkid kiwari. 
Kacutat dina sajarah, yén usaha nu di lakukeun ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby dina ngabudayakeun tradisi di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. ngabuahkeun hasil.
Kabuktos dina sajarah di uningakeun yén ku ayana ieu kagiatan téh sumangeut jihad kaum Muslimin dina nyanghareupan perang salib ngaronjat deui, dugi ka Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyubi bisa ngabeungkeut hiji kakuatan nu rohaka ti antara kaum Muslimin, hasilna dina taun 1187 Maséhi (583 Hijriyah) Yérussalém bisa di rebut deui ti leungeun bangsa Érofa, jeung Masjid Al-Aqsho di balikkeun deui kana fungsina jadi masjid deui nepi ka kiwari.
Di Indonesia khususna tradisi miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di gunakeun pikeun alat Da’wah Islamiyah, ku bentuk jeung rupa kagiatan-kagiatan, nu ngamimitian ngayakeun ieu acara téh nya éta para ‘Wali nu jumlahna Salapan’ atanapi nu katelah ‘Wali Songo’. sakumaha nu di lakukeun ku Sunan Kali Jaga, ku bentuk da’wahna maké unsur seni, nu di pidangkeun ku rupa gamelan, gamelan nu kasebut nya éta gamelan “Kiai Nogowilogo” jeung “Kiai Gunturmadu”.
Nu dua gamelan eta teh ngalambangkeun Dua Kalimat Syahadat, tur di pidangkeun di buruan Masjid Demak satiap acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W.
Kacutat dina sajarah, yén saméméh acara pidangan gamelan ieu di pintonkeun, maka satiap masyarakat nu hayang ningali kana acara pidangan ieu, khususna pikeun jalma nu acan abus Islaam, ku Sunan Kalijaga di béré syarat, pikeun ngucapkeun Dua Kalimat Syahadat saméméh asup ka panto gapura masjid (Gafura téh asal tina keucap basa Arab ‘Ghafura” nu hartina ‘Anjeunna Dzat (Allooh) nu Maha Lautan Hampura’).
Ku hal ieu, dugi ka aya nu nelah acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. khususna di daérah jawa maké istilah “sekatén” (peraya’an Syahadatain).
Aya deui istilah ‘Grebeg Mulud’ ieu istilah téh di paké nalika zaman kasultanan Mataram, nu hartina “grebeg” téh nya éta nuturkeun Sultan jeung para inohong ogé gegedén karaton kasultanan nu kaluar nuju ka Masjid pikeun ngayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. nu di lengkeupan ku upacara-upacara jeung kagiatan-kagiatan nu aya patula-patalina reujeung miéling di babarkeunana Rosulullooh S.A.W. neupi ka kiwari.
Sedengkeun zaman kiwari, ngayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh ku mangpirang-pirang bentuk jeung cara, aya nu cukup ku maca kitab Al-Barzanjy, aya ku acara tausyiyah agama kalayan ngundang mubaligh jeung sajabana. nu kabéhanana ogé teu méngpar tina ajaran agama Islaam, sabab acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh dieusi ku syi’ar agama Allooh. 
B. Hikmah di babarkeunana Rosulullooh Muhammad S.A.W. Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka mapag kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Di antarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu di pingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu di abadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. 
Di dieu dua sato nu di abadikeun ku Allooh dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab ieu hal téh di percaya minangka mu’jizat nu ka hiji di antara mu'jizat Nabi nu sanésna.
Ka ahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw. nya éta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé ka ahéngan-ka ahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu minangka sujud kahormatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeteun teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh.
Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. di sambut ku panghormatan nu kacida agungna.
Nu jadi pertanya’an pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu di candak tur di jadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi’ul Awal ieu, nu di lebeutna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?
Ku kituna di dieu urang sadaya keudah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya. Allooh S.W.T.
Ngadawuh dina Qur’an Surat Al-Anbiya (para Nabi) ayat 107 dugi ka ayat 102:
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِّلْعَالَمِينَ قُلْ إِنَّمَا يُوحَى إِلَيَّ أَنَّمَا إِلَهُكُمْ إِلَهٌ وَاحِدٌ فَهَلْ أَنتُم مُّسْلِمُونَ (ألأنبياء :107-108)
“Jeung Kami henteu ngutus anjeun (Muhammad) kajaba jadi Rahmat pikeun satungkebing alam
"Pok caritakeun (ku anjeun Muhammad):
“Satemenna Pangéran arandika téh, ngan Pangéran Nu Maha tunggal, ku kituna naha arandika rék jadi jalma nu pasrah (Islaam)”.
Dawuhan Allooh S.w.t. ieu maparin hiji kapertéla’an ngeuna’an di utusna Rosulullooh S.A.W. nu taya kajaba anging janteun Rahmat pikeun sakumna alam khususna manusa.
Di antara rahmat nu karaos di antara Rahmat-Rahmat Allooh nu jadi hikmah di babarkeunana Kanjeng Nabi S.A.W., nya éta ayana hiji kabébasan nu nalikung kahirupan dina sagala widang kahirupan manusa, di antawisna:
Widang Akhlaq, Rosulullooh S.A.W. Ngadawuh:
“Innamaa Bu’itstu Li ’Utammima Makaarimal-Akhlaaq
” (teu samata-mata kami di utus, taya kajaba pikeun nyampurnakeun Akhlaq)
[Al-Hadits].
Ieu jelas, yén di utusna Kanjeng Nabi S.A.W. pikeun Nyampurnakeun akhlaq Manusa.
Kabuktian salami 23 taun Kanjeng Nabi S.A.W. tiasa ngarobah tatanan kahirupan bangsa Arab nu tadina Jahiliyah robah jadi masyarakat nu ngarti kana tauhid. Nu samemehna bangsa Arab téh mibanda tabé’at nu kacida goréng patutna, kamaksiyatan, silih paténi, perang, judi, zina, ngagunasika, maksa mirusa kana hak-hak sasama, babadog rarampog reujeung sajabana, nu hal éta kabéh téh mangrupakeun pakasaban nu geus jadi adat kabiasa’an maranéhna dina sapopoé. Tapi saprak datang Islaam nu wasilahna ku di utusna Rosulullooh S.A.W. sagala rupa warna jeung rupa kajahiliyahan di robah jadi warna ka Islaaman nu ngalahirkeun katingtriman hirup, jauh tina pacogrégan anggang tina mumusuhan, diajarkeun adab-adab kasopanan, silih hormat, silih hargaan jeung sasama, kalayan di beungkeut ku aturan-aturan nu kacutat dina Wahyu Pangéran nyatana Al-Qur’anul-Karim. Ieu téh mangrupakeun ka-suksés-an perjuangan Rosulullah S.A.W. dina da’wahna dina widang Akhlak, ku kituna payus Rosulullooh saw. di paparin pujian ku Allooh S.W.T. nyalira langsung, ku Dawuhanana: وَإِنَّكَ لَعَلى خُلُقٍ عَظِيمٍ (ألقلم
4 “Jeung saéstuna bener-bener (dina diri anjeun Muhammad) mibanda akhlak nu agung” (Al-Qolam:4).
2.Widang Tauhid/Aqidah Hikmah sajen ku di babarkeunana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kalayan nyandak agama nu di pikaridho ku Allooh nyatana agama Islaam, di antarana nyaéta ngarobah aqidah manusa, nu saméméhna ka aya’an bangsa Arab téh kacida layeutna kana kamusyrikan, kayananing nyembah tapékong, arca, jin jeung sajabana.
Padahal nu saméméhna maranéhna téh nyepeng agama hanif nu di candak ku Kanjeng Nabi Ibrohim A.S. sareng Nabi Isma’il A.S., tapi ku akibat lamina mangsa kakosongan ti para Rosul (Fatroh), dugi ka tumuwuhna aqidah jahiliyah, nu bentukna kamusyrikan. Tapi Ku ayana risalah Islaam nu di candak ku Rosulullooh S.A.W. nu satuluyna di sebarkeun ka bangsa Arab, kalayan ngabuahkeun hasil nu kacida nyugemakeun.
Sabab Islaam lain wungkul di nagri Arab, tapi sumebar ka saban tempat di ieu alam dunya. Kasuksésan Kanjeng Nabi dina widang ngabebaskeun bangsa Arab tina aqidah kamusyrikan kana aqidah katauhidan, dugi ka kasuksésan Kanjeng Nabi S.A.W. dina widang ieu digambarkeun minangka ngaluarkeun manusa tina kaayaan poék kana ka aya’an caang, tina musyrik kana tauhid, tina sasar kana jalan nu di pikaridho ku Allooh S.W.T. sakumaha Dawuhan Allooh S.W.T. dina Qur’an Surat Al-Baqoroh (sapi bikang) ayat 257:
 اللّهُ وَلِيُّ الَّذِينَ آمَنُواْ يُخْرِجُهُم مِّنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوُرِ وَالَّذِينَ كَفَرُواْ أَوْلِيَآؤُهُمُ الطَّاغُوتُ يُخْرِجُونَهُم مِّنَ النُّورِ إِلَى الظُّلُمَاتِ أُوْلَـئِكَ أَصْحَابُ النَّارِ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ (ألبقرة : 257)
“Nya Allooh nu jadi pamingpin (nu maparin pitulung) pikeun jalma-jalma nu ariman, nu ngaluarkeun maranéhna tina (ka aya’an) paroék kana (Ka aya’an) ca’ang, sedengkeun pikeun jalma-jalma kafir mah anu mingpin (nu maparin pitulung) téh Thoghut (syetan/Iblis), anu ngaluarkeun maranéhna (jalma kafir) tina (ka aya’an) ca’ang kana (ka aya’an) poék, nya maranéhna (jalma kafir) téh ahli naraka tur baris langgeng di jeurona”.
Dina Widang Sosial Islaam nyandak risalah nu kacida luyuna reujeung kamanusa’an, ku kituna sagala widang kahirupan ku Islaam geus di atur,ka asup widang sosial, kabuktian Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kacida nganjurkeunana ka Umatna dina widang ieu, saperti ngabébaskeun ‘perbudakan’, silaturahim, ngaleungitkeun pakétrokna faham ‘Ashabiyah (golongan), kudu hade dina natangga, jeung sajabana.
Dina kaitanana masalah Sosial ieu Allooh S.W.T. ngadawuh dina Surat Al-Hujurat ayat 13:
 يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَى وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوباً وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ إِنَّ اللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ (الحجرات : 13)
 “Yeuh manusa ! saéstuna Kami ngajadikeun maranéh ti hiji lalaki jeung hiji awéwé, jeung kami geus ngajadikeun maranéh jadi sababaraha bangsa jeung sababaraha golongan, supaya maranéh silih pikawanoh.
Saéstuna jalma nu pangmulya-mulyana mungguhing Allooh-mah nya anu pang-taqwana ti antara maranéh; saéstuna Allooh Maha Uninga tur Maha Ningali”
Dina widang Hukum Islaam kacida merhatikeunana kana widang hukum, sabab Islaam kacida teu panujuna kana masalah kadzoliman, sabab Islaam datang mawa ka adilan pikeun Umatna ogé pikeun sakumna Manusa.
Islaam ngajarkeun hukum nu teu “cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng”.
Sahingga Kanjeng Nabi S.A.W. ngadawuh:
“Mun seug…Fatimah binti Muhammad maling, maka ku kami bakal di teuk_teuk éta leungeunna…” ku hal sakieu Islaam kacida ngawalatrakeun hukum reujeung ka adilan. nu luyu reujeung rasa kamanusa’an.
C.Pamungkas Kacindeukanana babarna Rosulullooh Muhammad S.A.W. teh nyandak hiji Agama, nyatana agama Islaam, nu ieu agama téh nyandak kana kasalamétan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti “Islaam” nyatana “kasalametan/kasejahteraan “.
Nyandak kana kasalematan di dieu, hartina yén Islaam téh teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajarana réalistis saluyu reujeung kamanusa’an,teu aya sakedik ogé ajaran Islaam nu nyilakakeun, kabéh ogé méré ka untungan, kabagja’an pikeun jalma nu ngalaksaakeunana.tur agama Islaam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku ka éndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna keuna ku rusak.,tapi urang kudu ingeut yén hirup téh lain di dunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat.
Tah dina Islaam di ajarkeun kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet di akhérat,nu akhirna urang sadaya bakal meunang karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang di agem nyatana Allooh s.w.t.
Bisa ogé di hartikeun “pasrah” hartina pasrah di dieu yén urang sadaya di peredih sangkan masrahkeun badan sakujur, kalayan total ka Allooh swt.sabab, hakékatna diri urang téh kabéh ogé milik Allooh, urang mah teu ngaboga-boga:
 لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم
(Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan idzin manteunNa Allooh Nu Maha Agung).
Urang mah Wungkul ka amanatan, katitipan nu hiji waqtu urang bakal di penta pertanggung jawabanana, tugas urang mah miara, ngamanfa’atkeun ogé ngagunakeun diri urang téh pikeun ibadah ka Allooh dina raraga ngisi kahirupan di alam dunya, ogé jaga pikeun ngisian alam nu langgeung taya tungtungna nyatana alam akhérat.

Walloohu A’lam Bish-Showaab.