Rabu, 21 Agustus 2019

Sahadat Sunda Warisan Karuhun


Sahadat Sunda:


MANTRA SUNDA
JANGJAWOKAN WARISAN AKI JEUNG NINI
Sahadat SUNDA
Ashadu sahadat sunda
sahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti,waras abdi/(.......)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allah ta'ala
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

Sahadat IMAN
ashadu iman tuhu
sahadat iman nuradan
iman ngadeg satuhune
qori allah korsi allah
korsi nabi rosululloh
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

sahadat SEJATINING DIRI
Ashadu dzat gusti dzat abdi,rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi,dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya,tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa alloh
hirup langgeng di dunya ,hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad, jasad kaula dunya ,
ruh kaula akherat
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh


Du'a Pangondang IBU RATU KIDUL
Bismillahirrohmanirrohim

Asyhadu alla ilaha ilallah wa asyhadu anna Muhammaddarrosulullah

Bismidat Dalima Putih, Gumilang Cahaya ning Suci ing Wisesa

Matih Sang Rama Wulung, Ya Ibu Ratu Agung, Sangiang Dangiang Hajah Nyai Dewi Roro Kidul
.
Rawung Ka
anjeng Gusti Wali Tunggal
Laluhur Saka Wayana si Nareng Ka
anjeng Syech Haji Wali Sakti Kudratullah
Sumerep ing Genuruwah Sang Kremi Pelabuhan Ratu

Dupe Ciri Wali Purwa tanpa Wekasan

Tusta Usmaningani Tugtupku Kersaning Allah


Du'a PANGEUSI DIRI
Abdi seja matihahan ,istighfaran ,Subhanalloh seluruh tubuh sedulur papat kalima pancer
Ghoib...Ghoib...Ghoibul...Ghoib sukma sari,sukma rasa,sukma tunggal,sukma akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma sejatining manusa ngaraga sukma jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap laku lampah amal perbuatan aqli qouli fi'li ghoibi
sumsum balung ,urat lamat ,darah daging ,kulit bulu ,rasa perasaan ,pangawasa ,pengersa ,paninggal
pandingaran ,pangangseu ,kanyaho hirup hurip dzatna ,wujudna sampurna manusa
cai sucina angin,suci seuneu ,suci bumi , suci sir amarah,shawiyah,muthma'inah,lawamah,mardiah,
rodiah menuju li ala kalimatillah.

Du'a PANYIPUH ELMU PANGAWERUH
Burr sipuh pangaweruh,pangasahan pangawasa
hurungna ku gusti.lencopna ku allah ta'ala
LAA ILAHA ILALLOH MUHAMMADDUR ROSULULLOH

jampe PAMULANG TELUH I
Allohuma balik sumpah wahid,roh beureum nyawa bodas
daun di bunteul ku daun
bisi aya nu sirik ti kidul,pamulangkeun deui ka kidul
bisi aya nu sirik ti kaler,pamulangkeun deui ka kaler
bisi aya nu sirik ti wetan,pamulangkeun deui ka wetan
bisi aya nu sirik ti kulon,pamulangkeun deui ka kulon
pur sapamulang,pamulang pamayangsari
sari pamulang rasa,rasa pamulang cahaya
pamulangkeun rasa kaula kanu sirik pidik jail kaniyaya
laa ilaha ilalloh muhammadur rosululloh

jampe PAMULANG TELUH II
aing nyaho asal sia ratu teluh ti gunung agung
aing weruh dumuk sia si sang ratu ceda cawal buah reumbay
sang ratu gereleng herang baya, baya tan ku baya
nya sia nu baya ta mah hirup ku pangaweruh
waras ku pangawasa hiding ! hiding ! hiding !
istan ! istan ! istan !
mangprung ka gunung agung ka asal sia ,malik kana diri..."

jampe PAMULANG TELUH III
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kidul, di pulangken deui ka kidul,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti kulon, di pulangken deui ka kulon,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
bisi datang penyakit ti kaler, di pulangken deui ka kaler,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti wetan, di pulangken deui ka wetan,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti luhur, di pulangken deui kaluhur,
Papag halang papag sungsang, pa papag pa pulang pulang,
 bisi datang penyakit ti handap, di pulangken deui ka handap,
Blek bumi blek langit, blek nu dikawasaken, nya aing nu dikawasaken / nya (
sebutkeun ngaran nu geringna ) nudikawasaken, tawa aing tawa Galunggung ditawa kusang idu putih nu calik di Pangarengan, tawa tawe-tawa tawe

Walloohu Alam.
___/|\___
¨¨¨˜°♥°˜¨¨¨