Selasa, 20 Agustus 2019

SYAHADAT SUNDA BUHUN




Syahadat sunda buhun
Rupi_rupi syahadat sunda Buhun nu nga-Esa-keun ayana Dzat Allooh
anu aya dina kasumedangan sareng
kasunda’an
 
Syahadat Sunda Kasumedangan
Darmaraja
Bismillahirohmanirrohiim..,....
Allooh
 shubhana wata'alla teu aya dua
Pangeran tetep pangeran
Pangeran Ratu Sajagat Ingsun
laa illahailallooh
anu hirup teu kena ku pati
teu kena ku lara
Tih di bumi Kudratullooh
Hirup Langgeng Salawasna
Mijangker Syahadat
Mitangkel Iimaan
Mikalif Taohid
Midaun
 Hurip
Mipuhu Rasa
Buana Agung Pancer pangawasa
Manusa pasti
kang leuwih jumeneng
sadaya isun umat Sunda
kang anyakrawati Cahya Gilang Gumilang
Allooh
 Hu Allooh.......
Allooh Hu Allooh,……
Allooh Hu  Allooh.......
Allooh Hu Allooh…….



ASyHADU SyAHADAT SUNDA
Ka AgunganNA Pancer Pasti
Pepes welas kalanggengan
umat manusa Hurip kawasa
lawang pangrasa
miluhung rasana
Cumablak Dzat Alif Langgeng 
Ngadeug Satengahing Jagat
Bumi manik lemah langit
tatahan bujal buana
Jungjungan langit
pahua Ratu Anggawati
tatahan jaman
Kang daim Nu Leuwih Agung 
Anu Wisesa, 
Anu kagungan Sajagat Bumi Alam
Allooh hu Allooh.......
Allooh hu Allooh,……
Allooh Hu Allooh.......
Allooh hu Allooh…….

SYAHADAT SUNDA
Bismillahirrohmaanirohiim
AsYhadu sYahadat sunda
Nga Agungkeun dzat Allooh
Alif Allooh ingkang ngadeug 
satengahing Jagat
dzat les dzat les
Dzat langgeng sifat Allooh
Ngandika nu gaduh asma’ All0h
Tetep iiman sareng islaam
kersaning Allooh
Asyhadu ala ilaha illallooh
Wa asyhadu ana muhamaddarosullullooh

SyAHADAT BAWA NGAJADI
Asyhadu syahadat bawa ngajadi
syahadat bathin manusa
malaikat dzat maring Allooh
medal ti Adam nu ngajadi
metuna ti Ratu Galuh
tinu dzat opat
metuna ti kuncung Agung
medal cahyaning AllooH
tina Sir acining putih
jasad sukma rohing nyawa

SAHADAT CIPAKU
Sang kuncung batara wenang
ku Allooh sira sanika
langit ngait jagat rapak
tarima badan kaula 
Sirna Adam ku Allooh
(yaa allooh yaa allooh yaa allooh…….

atawa :
Sang kuncung batara wenang
sanika ku Allooh
langit ngait jagat rapak
tarima badan kaula sirna adam
Allooh Hu Allooh
Allooh Hu Allooh
Allooh Hu Allooh
lailahaillallooh muhammaddarrosulullooh

ILMU MA’RIFAT CIPAKU
Sang kuncung batara wenang
sanika ku Allooh
langit ngait jagat rapak
tarima badan kaula sirna adam
Allooh Hu Allooh
Allooh Hu Allooh
Allooh Hu Allooh
laailahaillallooh muhammaddarosulullooh

Hartosna:
sang teh hiji kuncung bu’uk dina embun-embunan ngacung ka luhur
batara hartina maha pinter
sari sanika tegesna pangersana
langit kawas di kaitkeun
jagat kawas di amparkeun
tumampa yen kaula hirup
sanggeusna adam mulang
ka alam langgeng
Allooh Maha Agung
teu aya deui nu wajib di sembah
lintang ti Allooh
muhamad rosul Allooh

Artinya:
kita berserah diri dari ujung rambut yang paling atas sampai seluruh badan hanya kepada Allooh SWT yang wajib di sembah

Ilmu Tauhid atau Ilmu Cipaku yaitu mendekatkan diri dengan Tuhan atau disebut Ma’rifat
Ilmu Ma’rifat Cipaku di kenal dengan Ilmu Cipaku
“Sir budi cipta rasa
“sir raga papan rasa
“dzat ma’rifat
“wujud kaula maring Allooh
maring malaikat
maring khodan karomah suci
maring isun sajerning urip
laailahailallooh muhamaddarosulullooh”

Syahadat Darmaraja
==============
Nu nangtung tanpa kurungan
 
nu herang tanpa karangan
Nu ngadeug di sanghyang Taji Teja 
heunteu aya di Buana Panca Tengah
Yaa Allooh deug…deug…Panca komara

Bagi Eyang Haji sesuai rukun Islaam yang paling penting adalah Syahadatnya atau Ikrarnya untuk memahami diri manusia sebagai Mahluk Cipta’an Allooh SWT oleh karenanya beliau membuat Syahadat Darmaraja untuk para Raja yang ingin mengabdikan diri menjadi Raja
(Darma = Bakti, dan Raja Pemimpin)
“Nu nangtung tampa kurungan
teu hérang tampa karangan
nu ngadeug di sanghyang téja
henteu aya di buana panca tengah
deug,..deug,..deug…deug,..deug pancakomara
Laailahailallooh muhammadarrosulullooh

Hartina, nu ngadeug taya wujudna
nu herang taya wadahna
nu ngadeug di alam lelemut
teu aya di alam manusa
panceugkeun lama kawibawa’an
Teu aya anu wajib di sembah
lintang Allooh Muhamad utusan Allooh

Artinya adalah bahwa:
ketika menjadi Raja harus mengukuhkan kewibawa’an dengan cara berserah diri kepada Allooh SWT.
Eyang Haji mengajarkan Ilmu Ma’rifat tersebut di Situs Cipeueut Aji Putih.

Kasumedangan 
Tapi aya oge anu eusina kieu :
Kasumedangan I
Sir cipta mulia cipta
anu HUrung anu HErang
anu aya di Buana Panca Tengah
manik mutiara putih
anu ngaran mata holang manusa
ya isun kurungan tunggal wisesa
mangka luhut mangka anut
maring badan isun
ya isun kurungan tunggal wisesa
mangka welas mangka asih (.....)
wong sajagat kabeh
Laa Ilaha IllAllooh
Laa Ilaha IllAllooh
Laa Ilaha IllAllooh
Muhammadur Rosulullooh

Pada sa’at dzikir terjadi out of body
mi’raj melalui Cahaya
melesat menembus Arasy”
Apa yang ada di alam semesta milik KULA-AKU-ALLooH.
Termasuk Esesensi Dzat (Mata holang) di dalam raga-sukma
Di dalam diri manusia ada YANG MAHA MELIHAT
(AL QIYAMAH 75 : 14)
Pagi-pagi pergi ke ladang…
petang pulang…
itulah kehidupan kita di dunia…
akhirnya..
Dari Allooh kembali kepada Allooh...
 
manunggal YA INGSUN .. YA ANDA

Kasumedangan II
Clik Putih, Clak Herang
Nu teu aya lawan
jagat tamba taya bangsana
Nya aing sang Prabu Tajimalela
Laa ilahaa illallooh 

Kasumedangan III (Prabu Tadjimalela)
Di aping kunu Suci
di raksa kunu Kawasa
Dedeg landjer jaya perang di Buana Panca Tengah
Ulun santri demang braja
 
Prabu Tajimalela
nu murba di Darmaraja
Laa illaha illaallooh
muhammadurrosullullooh
Rir…ringkang mawa sawangan
hate ringkang hate jaya sembada
sang toap lenggang sang toap karang
Sang muncul putih bumi larang buah kampong
Nu herang taya lencana mustika larang mustika herang
Terah saha iku
terah saha
saha teuing
Ka aing acining lalaki
mustika ning jelema
Waluya jeneng manusa
Aji putih Purbawisesa
Awit asihan aing sae sagalana

5. SYAHADAT SILIHWANGI
BISMILLAHIRRoHMANIRRoHIIM...
LAA ILAHA ILA ANTA LAQUWWATA
 
SALAMATAN FI DUN-YA HASANATAN 
GOFURULLooH HU ALLooH
FI KULU UMATI RoSULULLooH 
SILIH KANJENG SILIWANGI GELAR TAPAK 
LANGKAH SUNDA ING TUMAMPI KA GUSTI ALLoOH
LAA HAoLA WALAA QUWWATA ILA BILAHIL ALIYYUL ADZIiM

6. Syahadat Banten
BISMILLAHIRROHMANIRROHIiMI 
ASyHADU KALIMAT NAPAS SABADAN
 
ABADANA ASyHADU KALIMAT TIPAL-TIPAL INGSUN
YAH TAMPE RAHMAT ILLALLooH 
KANG TANPE IMAN
 
LaAILLAHAILLALLooH MUHAMMADARROSULULLooH

7. Sahadat Bawa
Asyhadu Syahadat Bawa
Iman jati lulungguhan pulo nyawa
Roh nyawa intening hurip
Hurip teu keuna ku gingsir
Langgeng teu keuna ku owah
Laa illaha illaallooh
muhammadurrosullullooh
 
8. Syahadat Taraju
Asyhadu syahadat taraju Idin
Imatan warohmatan Walidatan
wasiro tan Titikaptan minha 
ya hu,.. Ya Allooh, ya Rosulullooh

9. Syahadat Sayang
Asyhadu syahadat saying
Kuriling ka bale suci
Cat mancet ka jagat mulya
Tetesen di tetes ku Allooh
Ya hu,.. ya Allooh,.. ya Rosulullooh

10. Syahadat Sari
Asyhadu syahadat sari
Gegedah wadah humenggang
Ngebur-ngebur lain ratu,
Ngebyar-ngebar cahyaning pangeran,
Payung tilu nungku-nungku,
Payung emas lingga jati
Kakayon sabar darana
Teteras sekar cendana

11. Syahadat Adam
Asyhadu Syahadat Adam
Sah Adam
Asyhadu nur putih alip tunggal
Iman eling ka mulya kang qodim
Laa illaha illaallooh
muhammadurrosullullooh
 
12. Syahadat Sancang
Asyahadu Syahadat Sunda
Jaman Allooh ngan sorangan
Ka duana Gusti Rosul
Ka tilu Nabi Muhammad
Ka opat umat Muhammad
Nu cicing di bumi anggaricing
Nu calik di alam keueung
Ngacacang di alam mokaha
Salamet umat Muhammad
================
13. Syahadat Sunda Cirebon Girang
Asyhadu syahadat sunda
syahadat kaula ngan sahiji
raden santri kuncung putih
nu calik di cirebon girang
nu rebo tanpa wekasan
hurip gusti, waras abdi/(…….)
hurip teu keuna ku gingsir
waras teu keuna ku owah
hurip ku kersaning allooh ta’ala
Laa illaha illaallooh
muhammadurrosullullooh

14. Syahadat Iman
Asyhadu iman tuhu
Syahadat iman nuradan
Iman ngadeug satuhune qori
Allooh korsi Allooh
korsi nabi Rosulullooh
Laa ilaha ilallooh
muhammadurrosulullooh
 
15. Syahadat Sejating Diri
Asyhadu dzat gusti dzat abdi,
rasa gusti rasa abdi
jumeneng gusti jumeneng abdi
dzat sejatining manusa
kawasa sa alam dunya
tunduk takluk sakabeh mahluk
tunduk tanak kersa ku kawasa Allooh
hirup langgeng di dunya
hirup langgeng di akherat
kun sejatining manusa ruh kaula jasad
jasad kaula dunya ruh kaula akherat
Laa ilaha ilallooh
muhammadurrosulullooh. 

16.
 Du’a Pangesi Diri 
Abdi seja matihahan
istighfaran shubhanallooh seluruh tubuh 
sedulur papat kalima pancer
Ghoib…Ghoib…Ghoibul…Ghoib 
sukma sari
sukma rasa
sukma tunggal
sukma akbar
sukma anu ngaraga sukma dina sukma
sejatining manusa ngaraga sukma
jeung badan kaula
sukma sampurna ning manusa tekad ucap
laku lampah amal perbuatan
aqli qouli fi’li ghoibi
Sumsum balung urat lamad geutih daging
kulit bulu rasa perasa’an pangawasa
pengersa paninggal pangrungu pangangseu
kanyaho hirup-hurip dzatna
wujudna sampurna manusa
cai sucina angin suci seuneu suci bumi
suci sir amarah shawiyah muthma’inah
lawamah mardiah rodiah menuju li ala kalimatillah. 
Allooh Hu Allooh...
Allooh Hu Allooh...
Allooh Hu Allooh...

17. Du’a Panyipuh Elmu Pangaweruh
Bur sipuh pangaweruh
pangasahan pangawasa
hurungna ku Gusti
Lencupna ku Allooh ta’ala
Laa ilaha ilallooh
Muhammadurrosulullooh

Walloohu A’lam
_____/|\_____
¨¨¨˜°°˜¨¨¨