Selasa, 17 September 2019

1.JALANA MA’RIFAT KA ALLOOH TA’ALA




1.JALANA MA’RIFAT KA ALLOOH TA’ALA
Ari ma’rifat ka Allooh Ta’ala teh wajib hukumna pikeun sakabeh jalma anu mukalap,teugeusna pikeun jalma anu geus akhir baleg.
Eta wajib teu meunang heunteu,margi aya dawuhan kangjeung Nabi saw:
“Awwalu Dinni Ma’rifatulloohi Ta’ala
Hartosna:
“Awal_awalna Agama Eta Kudu Nyaho Heula Kanu Di Ibadahanana ( Allooh Swt )
Pangna kudu nyaho heula kanu di ibadahan supaya manusa dina ngalakukeun ibadahna syah tur di tarima ibadahna ku Allooh Swt.
Sabab tadi ge tos jeulas,yen amal teh kudu kalawan elmu lamun teu kalawan elmuna eta batal ibadahna teugeusna teu jadi,samangsa_mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun jaga di akheratna ngan wungkul pikeun di dunya wungkul.
Dina Hal elmu mangkade kaliru,ari hartina elmu teh KANYAHO tapi lain kudu nyaho kana sarat syah batalna ibadah bae tapi kudu nyaho jeung MA’RIFAT KA ALLOOH SWT SAREUNG KA ROSULNA.
Margi eta teh ibarat teumpat atwa gudang keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea,ulah dugikeun ka teu puguh sokna.
Lamun di logikakeun atawa di ibaratkeun di dunnya mah,amal ibadah teh keur ngumpulkeun papaes imah contona saperti:
Meja
Korsi
Lomari
Kulkas
Tv
Motor
Mobil dlsb…
Ari ma’rifat ka Allooh Ta’ala ibarat ngaboga’an imah anu pageuh tur anu geede kalawan weuweug
Nya ngarah naon kitu?
Nya sangkan beutah tumaninah ngareunah di cicingana,sabab sok sanajan boga barang loba oge sarta aralus tur hargana marahal lamun teu aya teumpatna rek di mana di teundeuna eta barang_barang.
Naha rek sina pabalatak bae di buruan imah atawa pipir imah?
Atuh di cicingana oge piraku rek aya kangeunahan da meureun pastina oge ya kapanasan kahujanan,keur mah teu ngeunah di cicingana oge jeung bara_barangna oge tangtu babari ruksak,moal tulus meunang kani’matana oge.
Seug komo deui lamun urang boga tekad yen Amal Ibadah teh keur bawaeun eungke balik ka akherat…
Atuh beuki wajib Ma’rifatna ka Allooh Ta’ala teh keur teumpat pangbalikan.
Lamun teu di kanyahokeun ti ayeuna naha kira_kirana bisa datang eungke kana teumpat asal urang tadi?
Kapan dina sakaratul maot mah moal aya tanyaeun deui jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeuri oge geus teu katulungan saking nyeurina di cabut nyawa.
Ceuk Hadist:
“Lamun urang lolong teugeusna teu nyaho ka Allooh swt jeung ka Rosulallooh di alam dunnya…
“Eungkena oge di akheratna bakal lolong…
“Samangsa_mangsa lolong teugeusna poek di akherat,atuh beubeunangan urang di dunnya anu sakitu hese cape teh rek di bawa kamana?
Kusabab teu bisa teupi ka Allooh swt,kana hasil urang tadi sarerea…
Palangsiang…bawaeun teh bakal di bawa utrak_atrok di bawa ka eunggon siluman di jieun kakaya’an di nagarana ,urang di jieun badegana…
Nauzdubilahiming zdalik
Kusabab kitu,urang meungpeung di dunnya wajib ikhtiar,aya kana paribasa di tiung memeh hujan teugeusna nganjang ka poe pageto,kudu bisa paeh samemeh paeh sabab lamun teu bisa paeh sajeuro hirup moal nyaho ka akherat.
Ari nyahona ka akherat eta ku jalan paeh heula atawa maot tea ngarana.
“ANGTAL MAOTU QOBLAL MAOTU”
Tah ayeuna mah meureunan rada kabuka saeutik tugas urang gubrag ka alam dunnya teh…
Jadi geuningan akherat teh atawa asal urang teh kudu nganyahokeun jeung kudu di anjangan ti ayeuna keneh supaya eungkena meh teu nyasab atawa sasab.
Paeh atawa maot palutat_paletot,jeuba_jeubi,gular_gileur,rundat_rindat neangan jalan.
Ari jalan_jalana Mari’fat ka Allooh Ta’ala eta aya dua jalan:
1.Aya anu ti handap ka luhur
2.Aya anu ti luhur ka handap
Ari Jalana Anu Ti Handap Ka Luhur:
Nya eta ku jalan masantren heula,ngaji qitab qur’an di tambahan qitab kuningna di tuluykeun ngalakonan rukun anu lima perkara.
Tah anu kitu teh ibadah keur di jalan Ma’rifat,ku sabab kaburu beutah ka buru ngeunah di asma’,teugeusna geus ngarasa ni’mat dina panunjukna.
Seug padahal mah lamun di tuluykeun kana kana Ma’rifat kana Zdat_Sifatna Allooh Ta’ala mah seug piraku lamun teu leuwih tikituna kani’matan Allooh teh.
Geuning karek dina Asmana wungkul oge geus sakitu ni’matna.
Ari Jalana Anu Ti Luhur Ka Handap:
Nya eta anu nyumponan dalil tadi:
“Awwalu Dinni Ma’rifatulloohi Ta’ala
Jalana lain ku masantren wungkul tapi kudu jeung daek NGISAT DIRI nya ku daek TIRAKAT kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueun.
Guru anu MURSYID sabab moal weuruh tanpa guru ,kusabab eta ku urang kudu di susul…
Nya naon atuh anu kudu di susul teh?
Taya kajaba lintang Tarekatna para Wali anu kudu di susul
Sabab eta anu bakal teupi Ma’rifat kana sifatna Allooh Ta’ala,anu kaseubut JOHAR AWAL tea.
Nya eta hakekatna Muhammad,da seug piraku teu aya leleberanana pikeun urang sarerea,sabab tadi oge para Wali pangna bisa sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat_umatna Rosulullooh Saw…
Supaya bisa balik deui ka Allooh Shubhanahu Wata’ala
Kusabab kitu hayu urang pada tareangan ku sarerea eta Tarekat Wali teh,sabab lamun teu buru_buru kapanggih tangtu urang moal bisa baralik deui ka asal urang.
Tangtuna oge nyawa urang teh eungkena bakal marakayangan atawa nitis balik deui ka dunnya kana barang nu teu keuna ku ruksak deui.
Moal bisa nyumponan kanu dalil:
“Innalillahi Wa Inna Ilaihi Roojiuun
“Asal Ti Allooh Kudu Balik Deui Ka Allooh
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureunan bingung keneh sok sanajan pada_pada percaya oge,lantaran pada teu ngarasa tadi urang inditna ti Allooh,turuna ka Allooh dunnya tapi kusabab aya dalilna kitu gancang bae ngaku,yen urang asli ti Allooh,tapi ngakuna wungkul seumeut biwir.
Kapaksa ngaku soteh sieun di sebutkeun kufur atanapi kafir,kusabab heunteu percaya kana dalil tapi hatena mah keukeuh poek teu ngarti atawa can kaharti kusabab teu karasa.
Kusabab kitu simkuring bade masihan obor saeutik pikeun nu masih poekeun keneh kana jalan_jalana kama’rifatan,malah_mandar wae ieu mah tiasa percaya jeung karaosna.
Urang tadi asal ti Allooh teh kieu keteranganana:
Urang papas ti handap ka luhur supados kaharti ku akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana?
Urang asal teh kaluar ti indung anu ngandung
Teuruskeun papay deui ka luhurna…
Ari indung urang asal timana?
Tangtuna oge kaluar ti nini
Ari nini asal timana?
Teu salah deui kaluar ti buyut
Ari buyut asal timana?
Buyut kaluar ti bao
Ari bao asal ti mana?
Bao kaluar ti janggawareng
Ari janggawareng asal timana?
Janggawareng kaluar ti udeug_udeug
Ari udeug_udeug asal timana?
Udeug_udeug kaluar ti kakait siwur
Satuluyna mah nya kitu bae,ti indung ka indung neupikeun ka BABU HAWA.
Ari BABU HAWA asal timana?
BABU HAWA asal ti IGA BURUNG NABI ADAM
Ari NABI ADAM asal ti mana?
NADI ADAM asalna tina:
Acining bumi
Acining seuneu
Acining cai
Acining angin
Ari Bumi,Seuneu,Cai,Angin asal ti mana?
Eta asalna tina NUR MUHAMMAD
Ari cahayana eta aya sabaraha?
Cahayana eta aya opat
1.Cahaya hideung mahkotana bumi
2.Cahaya bodas mahkotana cai
3.Cahaya koneng mahkotana angin
4.Cahaya beureum mahkotana seuneu.
Ari Nur Muhammad asal timana?
Eta asalna tina Nur_na nu Maha Suci
Nya eta tina johar awal tea,tah seumeut eta buntu.
Sabab geus di teurangkeun ku Hadist jeung Qur’an,yen netelakeun Johar awal teh BIBITna 7 Langit jeung Bumi,sarawuh eusina kabeh.
Jadi ari kitu mah tadi ceuk dalil asal ti Allooh teh nya eta asal tidinya,tina Johar Awal tea.
Ari sifatna kumaha?
Sifatna ca’ang padang nya eta gumulungna Zdat jeung Sifatna nu Maha Suci.
Kakara jeuneung Asma’ Allooh.
Ari cahayana aya sabaraha jeung jadi naon?
Cahayana eta aya opat:
1.Cahaya beureum anu jadi hakekat lapad Alip
2.Cahaya koneng anu jadi hakekat lapad Lam Awal
3.Cahaya bodas anu jadi hakekat lapad Lam Akhir
4.Cahaya hideung jadi hakekat lapad Ha
Johar awal jadi hakekat lapad Tasjid.
Kitu keteranganana jadi eta cahaya nu kasebut tadi di sebut weh ISMUZDAT tea
Hartina:
“Asmana Zdat Laesa Kamislihi
Atawa Asmana nu Maha Suci,ceuk ahli pazdikiran mah latipah tea.
Tah eungke teh kudu bisa balik deui kadinya,nu matak kacida wajib di kanyahokeunana ti anjeuna.
Geura susul Tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipidingna nu jadi moekan eta Zdat Sifat_na Allooh Ta’ala.
Sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad anu aya dina wujud pribadi.
Tah eta konci Muhammad bakal bisa ngaburak_barik hijabna ka Allooh Ta’ala.
Lamun kapanggih Insya Allooh bakal bisa nyumponan kana babasan MULIH KA JATI.
Rasa jasmani anu ayeuna keur di pake balik deui kana rasa tadi keur aya waqtu aya dina NURULLOOH (Johar awal).
Ari anu mulang ka asal nya eta jasmani ngajadi asalna deui,nya eta ngajadi Nur Muhammad cahayana anu opat rupa tea:
1.Beureum
2.Koneng
3.Bodas
4.Hideung
Samangsa_mangsa balik ka asal nya ngarana sampurna
Hartina beak beureusih,beak rasa beak jasmani.
MIMITINA LAMUN REK NEANGAN PANGERAN
Dawuh Nabi:
“Man tolabal maola bigoeri nafsihi faqod dolla dholalam baida.
Hartina:
“Saha_saha manusa anu neangan pangeran kaluar tina dirina sorangan
“Mangka temen_temen eta si jalma ka sasar sabab dina tekadna ngarasa leuwih jauh jeung Allooh Ta’ala.
Dalilna:
“Wanahnu aqrobu ilaihi min hablil warid
Hartina:
“Kaula geus teu aya antara deui jeung maraneh sakabeh
“Di ibaratkeun urat beuheung maneh pribadi oge masih deukeut keneh maneh jeung Kaula
Anu matak manusa leuwih di mulyakeunana ku Allooh Ta’ala.
Sakumaha ceuk dina hadistna:
“Walaqod karoma bani adam
Hartina:
Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam.
Sakumaha ka unggeul dina dalil:
“Laqod kholaqnal insana fii ahsani taqwin.
Hartina:
“Manusa teh pang alus_alusna jeung pang aheng_ahengna kajadian ti sasama makhluq Allooh Ta’ala.
Geura lamun maneh nyaho ka ajaiban nu aya dina sajeuri diri maneh sorangan,tangtu eungke bakal ngarasa ka ahenganana nu aya dina awak sorangan.
Sabda Nabi:
“Man arofa nafsahu faqod arofa robbahu
Hartina:
“Saha_saha anu geus nyaho dirina sorangan,geus tangtu nyaho ka pangerana.
“Waman arofa robbahu faqod jahilan nafsahu
Hartina:
“Jeung saha_saha anu geus nyaho ka pangerana,tangtu ngarasa bodo dirina.
Sabab tinangtu kaharti si jasad moal bisa usik_malik lamun teu di daya_upayakeun ku pangeran
Sidiq ieu jasad jadi rokrakna anu matak urang kudu ngaji kitab anu langgeung
“Iqro kitabaqo kafa binafsika al_yaoma alaika hasiba
Hartina:
“Maneh kudu ngaji kitab anu langgeung nya eta kudu ngaji kitab anu aya dina diri maneh sorangan
“Geura teangan qudrat irodatna Pangeran dina diri sorangan
“Sabab leuwih nyata karsana Pangeran teh dina diri sorangan
“Jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan
“Jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan
“Jeung leuwih nyata Pangandikana Pangeran teh dina diri sorangan.
“Wahua ma’akum aenama kungtum
Hartina:
“Allooh Ta’ala teh ngabareungan bae ka umat_umatna sakabeh,di mana wae maneh ayana Aing didinya aya
Tapi sateugeusna ngaran di bareungan ku Allooh Ta’ala teh nya eta ku Qudrot Irodatna jeung ku elmuna
Kapan sidik dina sifat 25 oge geus ngarangkeup.
Saperti:
Hayat jeung Hayan
Hayat hartina Hirup
Basar jeung Bashiron
Basar hartina Ningali
Sama jeung Samian
Sama hartina Dangu
Samian hartina Nu Ngadangu
Kalam jeung Mutakaliman
Kalam hartina Ngucap
Mutakaliman hartina Nu Ngucap
Qudrot jeung Irodat
Qudrot hartina Kawasa
Irodat hartina Nu Kawasa
Naon anu kawas diri urang teh?
Teu aya deui lian ti hirup
Buktina geuning bisa usik
Irodat hartina Keursa,nya eta buktina
Panon bisa ningali
Ceupil bisa ngadangu
Pangambung bisa ngangseu
Baham bisa nyarita
Tuh geuningan bukti,sidik teu pisahna teh
Ayeuna mah ngan kari teangan barangna bae
Siga naon sifatna,eta Qudrot atawa sifat hirup teh?
Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana
Ulah peurcaya wungkul ceuk beja tapi kudu yaqin ku sorangan.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI