Selasa, 17 September 2019

4 NEURANGKEUN UMAT ROSULULLOOH SAW




4 NEURANGKEUN UMAT ROSULULLOOH SAW
Ari umat Rosulullooh Saw teh haq_haqna ngan aya opat:
1.Shahabat Abu Bakar
2.Shahabat Umar
3.Shahabat Usman
4.Shahabat Ali
Sabab eta anu opat teh sagalang_sagulung beurang_peuting sareung Rosulullooh Saw sarta di dameul shohabat ( Utusan Rosulullooh Saw )
Tapi anjeuna sarerea oge parupus majajina mah tapi dina hakekatna mah teuteup teu pupus aya dina badan manusa ,kapan osululloh oge aya hakekatna aya di manusa.
1.Hakekatna Abu Bakar nyatana paningal
2.Hakekatna Umar nyatana pangdangu
3.Hakekatna Usman nyatana pangucap
4.Hakekatna Ali nyatana pangangseu
Eta paningal,pangdangu,pangucap,jeung pangangseu teh kapanan goib teu aya rupa’an,tah eta hakekatna shahabat teh,anu matak shahabat anu opat kudu bisa nyaho kana hakekatna Kngjeung Nabi Muhammad Saw,jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babareunganana beurang_peuting sareung Rosulullooh Saw,tiap_tiap geus Wali umatna tangtu eungkena bakal di sampurnakeunana di datangkeun ka Gusti nu Maha Suci (asalna) .
Lamun teu nyaho anjeuna ka Rosulullooh sarta teu ngahiji eungke nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi jurig nyiliwuri jadi setan mindah rupa atawa jadi siluman saling nitis deui ka jalma atawa ka sato.
Samangsa_mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tinangtu bakal cilaka asup ka naraka jahanam eungke jaga dina poean qiamat ieu alam dunya,anu di sababkeun ayana nyawa_nyawa manusa anu marakhayangan teugeusna anu teu bisa balik deui ka Allooh Swt...
Ceuk basa kiwari mah Preventiep nunggu_nunggu landratan eungke jaga,jeung kade sing ingeut aya landratan anu kacida leuwih geudena dina yaomil akhir (qiamatna alamat dunya sakabeh).


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI