Selasa, 17 September 2019

3 BAB ISLAAM




3 BAB ISLAAM
Ari sateugeus_teugeusna Islaam teh eta suci,bersih dina sagala kokotor…
Teu aya lian anging nafsu,ku sabab eta saha jalmana di alam dunya nu teu boga nafsu…
Sumawona pikeun jalma nu Ma’rifat dalah pikeun ahli agama oge pada_pada ka ancikan nafsu…
Komo deui anu make sirik pidik jail kaniayaya,ujub ria jeung takabur,sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor.
Kieu keteranganana:
Sateugeusna ari Islaam teh teu dua teu tilu,estu ngan hiji_hijina,keur hiji teh go’ib deuih…
Sareung saestuna sifat Islaam teh eta Nur,tah eta anu teu kateuteupan nafsu teh…
Sabab tadi urang keur aya dina alam Nur ngan sahiji_hijina nya eta Kangjeung Rosulullooh Saw…
Tuh geuningan jalma mah teu kabagaean pangkat Islaam…
Jalma mah ngan ukur jadi pangkat Umat,seudeungkeun lamun di tala’ah anu jadi Umat teh sarebu hiji ge boa teuing,sabab hese…
Sabab kudu nyaho heula ka Rosulullooh Saw jeung kana parentahna,kaloloba’ana mah ngan wungkul ngaku_ngaku…
Sumawona teurang ka Rosulullooh Saw, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan…
Kapan dina rukun Islaam oge di wajibkeun jiaroh ka Baetullooh Hakekatna keudah teurang kana Hakekatna Rosulullooh jeung karatona Allooh anu aya dina diri sorangan.
Sakumaha ceuk dalilna:
“Qulu Ummatin Warusulihi
Hartina
“Dina Sakabeh Umat Oge Pada_Pada Kateuteupan Rosulullooh
Hartina Rasana Allooh
Kusabab kitu peurlu ku urang di susul tur wajib nyahon kana Hakekatna Rosulullooh anu aya dina badan sorangan
Peupeurihen jiaroh ka Mekkah Madinah teu bisa,kapan tadi oge aya dua rupa munggah haji teh…
Aya haji majaji jeung aya anu di ngaranan haji hakeki
Ari anu di ngaranan haji majaji nya eta anu bisa jiarah ka baetullooh jeung ka madinah
Ari anu di ngaranan haji hakeki nya eta anu teurang kana hakekatna baetullooh jeung Rosulullooh Saw… anu aya dina diri sorangan,sabab Rosulullooh teh teu pupus,upama mah alam dunya oge moal aya
Kapan geuning Kangjeung Gusti Sarif Hidayatullooh oge tiasa teupang ku jalan Tarekat
Jadi urang oge lamun tea mah haying jadi Umat Rosulullooh Saw,kudu bisa nyaho heula kana hakekatna Rosulullooh nu di sebut johar awal tea.
Sing kapanggih jeung Tarekat leleberana ti para Wali.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI