Selasa, 17 September 2019

7 MARTABAT ALAM TUJUH




7 MARTABAT ALAM TUJUH (nganggo rucatanengangna keucap)
1.Alam Ahadiah huruf Al } Jadi Allooh
2.Alam Wahdat huruf Lah }
3.Alam Wahidiat huruf Mu }
4.Alam Arwah huruf Ham } Muhammad
5.Alam Ajsam huruf Mad }
6.Alam Misal huruf A } Adam
7.Alam Insan Kamil Dam }
Buktina alam dunya oge eusina ngan tujuh poe hakekatna nya eta tina alam nu ka seubut di dulur teugeusna alam anu tujuh teh lalakon Allooh ,Muhammad ,Adam ,kusabab eta wajib di kanyahokeun ku sarerea lamun urang arek nyusul kana asal.
Sabab lamun teu di kanyahokeun ti ayeuna jalan_jalana jeung barang_barangna atuh tangtu bakal sasab moal bisa deui kana asal sabab teu kapanggih deui jeung jalmana waqtu tadi urang turun_turuna ti akherat ka alam dunya.
Padahal urang turuna ka alam dunya teh ngan saukur ngumbara piraku urang nu keur ngumbara teu apal kana asal_usul tanah sarakan sorangan tangtu bae lamun urang jalana teu beuneur mah goring boh di teumpat asal boh di pangumbara’an teugeusna moal bogana teh teumpat anu matuh pikeun kalanggeungan urang hirup teh langgeung.
Lamun urang beuneur mah di pangumbara’an teh tangtuna oge kukumpul beukeul_beukeul pikeun bawaeun urang balik ka asal_usulna urang .
Ari beukeul urang tea ti awal teupi ka akhir euweuh deui ,salintang ti tekad lampah ucap tingkah jeung laku urang anu di sebut parabot urang tea tangtu beuneur bageurna,cilaka tunggara sangsara kumaha ceuk pamilih pagawean anu di pigawe ku pamilih urang sorangan .
Di handap ieu ku simkuring bade di balikeun deui jalana katerangana teh tinu kawajiban pagawean urang anu lima waqtu.
1.Alam Namur Cahaya Beureum
2.Haweun Cahaya Koneng
3.Maun Cahaya Bodas
4.Turobun Cahaya Hideung
Jadi eta cahaya anu opat perkara teh anu di sebut Nur Muhammad ari Muhammad mah Johar Awal tea barang eta Nur Muhammad cahaya anu opat perkara teh di sebutna Hakekat Adam nya eta Asmana nu Maha Suci.
Cahaya nu Beureum jadi Hakekat Lapad Alip
Cahaya nu Koneng jadi Hakekat Lapad Lam Awal
Cahaya nu Bodas jadi Hakekat lapad Lam Akhir
Cahaya nu Hideung jadi Hakekat Lapad He
Johar Awal jadi Hakekat Lapad Tasjid.
Sareatna jadi Lapad Allooh jadi eta cahaya anu kaseubut di luhur teh ,nu ngajadikeun bibit tujuh bumi tujuh ,langit sarawuh eusina kabeh sanajan Agama oge asalna tidinya bae.
1.Ayana Sahabat nya eta ku ayana Johar Awal
2.Ayana Sholat nya eta ku ayana Cahaya Beureum
3.Ayana Zakat nya eta ku ayana Cahaya Koneng
4.Ayana Puasa nya eta ku ayana Cahaya Bodas
5.Ayana Munggah Haji nya eta ku ayana Cahaya Hideung
Waqtu Oge Aya Lima:
1.Shubuh
2.Lohor
3.Ashar
4.Magrib
5.Isa
Tingkah Sholat Eta Aya Lima:
1.Nangtung
2.Taqbirotul Ihrom
3.Ruku
4.Sujud
5.Lungguh
Sahabat Aya Opat Kalima Kanjeung Nabi:
1.Shohabat Abu Bakar
2.Shohabat Umar
3.Shohabat Usman
4.Shohabat Ali
5.Kangjeung Rosulullooh Saw
Di Mekkah Aya Imam Opat Kalima Baetullooh:
1.Imam Safi’i
2.Imam Hanafi
3.Imam Hambali
4.Imam Maliki
5.Baetullooh
Tah geuning sidik kabeh oge tina asmana Allooh Hakekatna nya eta Nur Muhammad Cahaya Opat perkara kalmia Johar Awal.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI