Selasa, 17 September 2019

6 NEURANGKEUN PASAL QUR’AN




6 NEURANGKEUN PASAL QUR’AN
Ari Qur’an teh aya opat peurkara:
1.Qur’anul Majid
2.Qur’anul Kariim
3.Qur’anul Hakim
4.Qur’anul Adim
Ieu qur’an anu opat peurkara di surahkeun ku salah_sahiji adjeungan kieu:
1.Qur’an Majid:
Nya eta Qur’an anu aya hurufna anu umum sok di araji ku kaom islaam sa alam dunya.
2.Qur’anul Kariim:
Nya eta qur’an anu mulya,buktina nya eta keneh bae qur’an anu aya tulisanana sabab eta anu di mulyakeun ku kaom islaam alam dunya.
3.Qur’anul Hakim:
Nya eta qur’an anu agung jeung ngabulkeun hayangna eta keneh bae qur’an anu sok di baraca sabab eta anu di aragung_agungkeun ku kaaom islaam sa alam dunya.
4.Qur’anul Adim:
Nya eta anu suci jeung anu langgeung di tuduh eta keneh bae buktina mah qur’an anu aya tulisanana sabab eta anu suci jeung langgeung hukumna di dunya neupi ka akheratna.
Tah kitu qur’an ngeuna’an qur’an anu opat peurkara teh,di surahkeunana ku ahli sara’,jadi di borong bae kajeun teuing ngarana aya opat,ari barangna mah apanan eta keneh_eta keneh.
Ari kitu mah qur’an tulisan teh di anggap patokan,sabab kapan sidik qur’an eta mah beunang nulis jeuleuma,naha I seubutkeun qur’an tutulisan mah keuna ku ruksak ,jadi lain urang islaam keukeuh boga patekadan kitu,atuh teu beda jeung agama cina seuseumbahanana Migustina kana barang anyar katurug_turug anu nyieuna oge anyar.
Kusabab kitu muga_muga dulur anu aya di leumbur baraya anu aya di kota kaom islaam bisi kaliru
Kieu ayeuna ku simkuring bade di teurangkeun pasal eta qur’an anu opat:
1.Qur’an Majid:
Tah eta mah cocok barangna jeung qur’an Majiji anu bukti aya hurufnna anu umum sok baraca ku sadayana kaom islaam.
2.Qur’anul Karim:
Nya eta qur’an anu mulya sateugeusna anu ngaran qur’anul karim teh buktina panangan katutu ramo sabab kapanan sidik dolna eta aksara teh tina tangan jeung ramo
Jadi sateugeusna anu mulya teh nya eta panangan katut ramona anu mimiti ngadameul eta qur’an piraku lamun seug teu kaharti keneh wae mah.
3.Qur’anul Haqim:
Nya eta qur’an anu agung bukti ayana paningal,jadi sateugeusna anu agung teh nya eta paningal anu mimiti ngajadikeun atawa ngayakeun eta Qur’an.
4.Qur’anul Adim:
Nya eta qur’an anu suci jeung anu langgeung nya eta bukti ayana hirup sabab paningal,tangan katut ramo eta moal bisa ngajadikeun lamun teu aya hirup,sateumeuna anu suci jeung anu langgeung teh hirupna nu mimiti ngayakeun qur’an.
Ku sabab kitu urang ayeuna ngaji teh lamun hayang neupi ka sucina eta qur’an anu opat perkara teh kudu di aji tur di uji kabeh.
Mimiti urang kudu daek macana eta qur’anul majid,nya eta qur’an majaji anu aya hurufna,tah eta bagean elmu sare’at.
Sanggeus di baca tuluy kudu teurus di aji nya eta kudu di hartikeun pimaksudeunana geura uji teangan jeung pigawe tarekatna sabab eta qur’anul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allooh jeung ka Rosulullooh,jalana teu aya deui lian ti kudu Tarekat nya eta ku Qur’anul Karim hartina ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira_kira bakal neupi ka Allooh Ta’ala jeung ka Rosulullooh.
Sabab Gusti Allooh maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh lain kudu di pake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae tapi kudu di pake jeung ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allooh Ta’ala jeung Rosulullooh supaya leungeun jeung ramo urang teh jadi mulya.
Sakumaha dina dalillna:
“Asho Biagum Fil Ala Nihim Minal Hakiki Hadarol Maoti Walloohu Muhitum Bil Kafiriin.
Hartina:
“Lamun leungeun jeung ramo maneh teu di pake nyieun jalan maot,teuteup leungeun jeung ramo maneh martabat ramo hewan,kafir teuteup bakal ka naraka.
Tina qur’anul karim kudu naek deui kanu qur’anul hakim bagean hakekat,nya eta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal haqim teugeusna sidik kana barang qodim nya eta hakekatna Allooh jeung Muhammad.
Sabab Gusti Allooh maparin awas paningal ka manusa teh lain bae kudu di pake ngawaskeun kana barang anyar anu keuna ku ruksak bae tapi kudu di pake ngawaskeun kana hakekatna Allooh jeung Rosulullooh nya eta anu kaseubut qur’anul azdim anu langgeung tea atawa Roh sifatna hirup
Bibitna tujuh lapis langit tujuh lapis bumi,tah tidinya asalna urang oge,jadi sateugeusna ari nu ngaran_ngarana Ma’rifat ka Allooh teh nya eta anu geus nyaho kalawan hakim kanu hakekat Allooh jeung Muhammad teugeusna Djohar Awal.
Tapi kade kaliru bisa neuteupkeun Djohar Awal teh kana ca’angna panon poe anu katingal ku panon lahir.
Eta mah Djohar Parij bagean sawarga loka (kadewa’an) teupatna di gunung Himalaya
Ari perkara Djohar Awal anu sajati mah nya eta anu kaseubut Djohar Latif teugeusna goib,moal bisa katingal ku panon lahir,kapan ceuk dalilna kieu:
“Roe Jatulloohi Ta’ala Fii Dunya Bi Aenil Qolbi
Hartina:
“Ningali hakekatna Allooh Ta’ala di dunya ka awasna ati teugeusna ku hakekatna Rosulullooh
Sabab sifat jeuleuma mah moal aya anu bisa Ma’rifat ka dinya
Ari jeuleuma mah ngan wungkul di pake teumpat keur ningali Rosulullooh ka Allooh Ta’ala
Samangsa_mangsa wujud urang geus bisa di pake teumpat ningalina Rosulullooh ka Allooh Ta’ala,tangtu ramo uarang bisa nyarita yen geus ngaku nyaho ka Allooh lantaran geus di beja’an (di pasihan teurang) ku Rosulullooh,jadi urang mah nyaho kabawa ni’mat ku Rosulullooh ti dunya neupi ka akherat.
Moal sulaya deui sabab geus teuteup jadi Umatna Rosullooh,sabab ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rosulullooh lantaran wujud the beurang peuting di anggo bae teumpat ku Rosulullooh ningali ka Allooh Ta’ala.
Samangsa_mangsa geus babareungan beurang_peuting jeung nu suci,Insya Allooh tekad jeung laku teh lila_lila kabawa suci,tapi kitu soteh nu Ma’rifat kalawan Tauhidna,ari heunteu jeung Tauhidna mah sulaya bae,sok sanajan nyaho oge ka Allooh Ta’ala teu ngarasa sieun,teu ngarasa isin,jongjon wae tekad jeung lakuna sakama_kama,jadi nukitu teh Ma’rifatna Ma’rifat mukin,tangtu di dunya moal meunang safa’at ti Rosulullooh,di dunya moal luput tina kasusah,kabeundon kunu Maha Suci lir ibarat lampu seuneuna di kurungan ku seumprong anu kotor,geus tangtu kaluarna oge poek da kudu suci pasuci_suci suci eusina suci cangkangna kakara jadi di dunya moal leupot tinu kani’matan di akherat ge pon kitu deui.
Kusabab kitu poma pisan dulur_dulur anu geus Ma’rifat tekad jeung tingkah laku anu bakal goreng teh kudu pisan di jaga beuneur_beuneur ulah darapon ngan saukur nyaho bae.
Tapi kudu jeung di bareungan ku lacuna anu hade ,sabab lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hokum sara’.
Tangtu urang bakal gancang di beundona kunu Maha Suci anu langkung beurat hukumanana da bongan geus nyaho.
Beda deui jeung nu acan apal saperti di dunya oge urang kampung maling hayam di hukumna ngan sa ukur di denda atawa di bui saminggu tapi coba seug lamun wadana maling hayam hiji ,tangtu leuwih beurat hukumanana jaba di la’anan pangkatna jeung bari di hokum tikel tilu paling saeutikna ge
Tangtuna da ari wadana mah kapan geus nyaho kana artikelna komo deui ari geus nyaho ka Allooh Ta’ala mah,nu matak sing ingeut perjanjian guru urang guru mursid,ibadah babreungan doraka papisahan.
Ceuk tadi oge kapan geus di seubut hade goreng pikeun ngalaksanakeun tingkah laku urang geus aya barang_barang,nya eta tinu nafsu anu opat peurkara ,geura aji uji pilih masing ngahiji ngajadi dua sifat ku urang di pilih eta sifat hade jeung goreng tea,tinu sakitu anu bakal nungtun mere petunjuk di jalan ka urang pikeun kamulya’an lahir bathin ,dunya rawuh akherat.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI