Selasa, 17 September 2019

5 NEURANGKEUN RUKUN IIMAAN ANU KA GEUNEUP




5 NEURANGKEUN RUKUN IIMAAN ANU KA GEUNEUP
“Wal Qodri Khoeri Wasarihi Minalloohi Ta’ala
Hartina:
“Untung ngala untung becik papasten ti Allooh Ta’ala atawa dadi goring di Allooh Ta’ala
Leubah dieu urang kudu peurcaya ulah dugikeun ka kaliru,kudu di fikiran jeung di leunyeupan
Sabab tadi oge Allooh Ta’ala teh sifatna anu Maha Suci,piraku anu suci make jeung bakal nyiksa jeung bakal ngaganjar eungke di akherat.
Jadi ari kitu mah atuh Gusti Allooh ngadameul manusa teh ngalap paedah,keursana rek ngaganjar jeung rek nyiksa,lamun kitu mah atuh moal tulus sucina Allooh Ta’ala teh.
Tapi uarang kudu peurcaya kana dalil jeung kana ayana sawarga kalih naraka atawa ngeunah eungke di akherat,sabab ti ayeuna oge di dunya keumbangna geus karasa.
Aya ngeunah jeung teu ngeunah tapi eta sawarga_naraka teh lain ti Allooh tapi lain sateugeusna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur di dunya,sabab tadi oge Gusti Allooh ngaameulna manusa teh wungkul sakali jadi heunteu nuntut deui (Kun Fayakun) teu aya kakurangan.
Tapi maparin cukup teh nya eta maparin parabotna…
Nya naon parabot ti Allooh teh?
Nya eta anggahota badan urang sapeurti:
Leungeun dua,Suku dua,Panon dua,Ceuli dua,Irung Baham jeung nafsu opat peurkara:
1.Amarah
2.Lowamah
3.Sawiyah
4.Mutmainah
Tah kitu dawuhan Allooh Ta’ala lamun maneh hayang ka naraka mah,kari prak bae migawe kamaksiatan di dunya,teugeusna tinggal milih kanu teungeun,da geus di sadiakeun parabotna nya eta:
Amarah,Lowamah jeung Sawiyah
Kitu deui lamun maneh hayang ka sawarga teugeusna kana jalan kangeunahan pek bae geura migawe beucik,hartina migawe kalakuan anu hade,apanan geus di sadiakeun parabotna nya eta Nafsu Mutmainah.
Tah kitu sateugeusna pangna Sawarga Naraka di dunya,sumawona keur di akherat mah,eta oge beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang keur waqtu di dunya,kitu deui beubeunangana oge moal keur batur,teuteup wae keur milik anu ngamalna atawa nu migawena keur waqtu di alam dunya dugikeun ka akherat.
Jadi kusabab kitu ayeuna urang sarerea kudu sing ati_ati tur ariatna dina eunggoning ngajalankeun parabot ti Allooh Ta’ala teh,kudu make budi jeung pamilih anu mana ulah rek ngagunakeun teuing parabot amarah_lowamah_sawiyah.
Kirang bara ari teu di pake pisan mah atuh ulah loba_loba teuing
Sakurang-kurangna sing sarua timbanganana jeung ngagunakeun parabot mutma’inah,jeungna deui kade kudu sing awas eta beubeunangan urang tina pagawean urang teh di akherat ku Gusti Allooh bakal di teuteupkeun sabeunang_beunangna nya eta ti alam dunya sabogana_sabogana moal pahili deui.
Kumaha atuh akalna urang supaya bisa ngalobakeun parabot mutma’inah?
Teu aya deui akalna iwal ti urang kudu Ma’rifat,tiap_tiap geus Ma’rifat tangtu bakal ngarasa babareunganana beurang_peuting jeung Allooh Ta’ala oge sareung Rosulullooh Saw.
Tiap_tiap geus ngarasa teu pisah_na ,insya Allooh mutma’inah teh bisa kuat,laku jeung tekadna bisa hade ibadahna syah tangtu nagara teh kalawan aman.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI