Selasa, 17 September 2019

2 NEURANGKEUN HARTINA IIMAAN JEUNG MA'RIFAT




2 NEURANGKEUN HARTINA IMIAAN JEUNG MA'RIFAT
Ari Iimaan teh hartina Peurcaya
Ari Ma’rifat teh hartina Nyaho
Geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh…
Ari kitu mah atuh urang peurcaya ayana Allooh Ta’ala teh kudu jeung nyahona ( Ma’rifat )
Lamun teu jeung sidik_na mah atuh Iman_na Iman taklid
Jadi ngakuna peurcaya ayana Allooh Ta’ala teh ceuk beja batur atawa meunang beja tina kitab wungkul
Iman ka Allooh Ta’ala teh seumeut peurcaya kana kana ayana bae,pedah aya dadameulan bumi jeung langit
Atuh ari kitu mah sumawona anu nyeukeul Agama Islaam
Kapan anu nyeukeul Agama sejen oge pada peurcaya ayana Allooh Ta’ala mah
Atuh naon bedana Agama Islaam jeung Agama anu sejen?
Pedah eta kitu Agama Islaam mah aya Rukuna:
1.Sahadat
2.Sholat
3.Zakat
4.Puasa
5.Munggah Haji
Kapan dina Agama sejen oge pada aya Sahadat_na,ngan beda peurtingkah jeung beda basana wungkul
Maksuna tangtu sarua,kapan tadi agama Islaam teh pang luhung_luhungna tina Agama nu sejen
Sakumaha ceuk dalil_na:
“Al_Insanu Sirri Wa_Ana sirruhu
Hartina:
“Rasa Muhammad teh nya Rasa Allooh
“Rasa Allooh nya rasa Muhammad
Teugeusna kanyaho Muhammad nya kanyaho Allooh
Kanyaho Allooh nya kanyaho Muhammad
Aya deui hadist_na:
“Illa Haqqo Billa Haqqim
“Illa Haqqim Billa Haqqo
Hartina:
“Muhammad teh haq Allooh
“Allooh teh haq Muhammad
Tah kitu anu matak Agama Islaam teh pangluhung_luhungna,lantaran pangcakeut_cakeutna ka Allooh Ta’ala.
Moal aya Allooh lamun teu aya Muhammad
Moal aya Muhammad lamun teu aya Allooh
Teugeusna moal aya Sifat lamun teu aya Zdat
Moal aya Zdat lamun teu aya Sifat
Anu matak Kangjeung Rosulullooh di seubat pang unggulna Rosul
Sareung di seubat Bubuning Roh sakabeh,jadi Agama Islaam pangna di seubut pangluhurna teh nya eta ku sabab aya haq Ma’rifat ka Allooh Ta’ala,kapan bukti Kangjeung Rosulullooh tiasa Mi’raj
Barang kabehdieunakeun Kangjeung Gusti Sarif Hidayatullooh Wali kutub cireubon
Mi’raj_na teh tiasa teupang sareung Hakekatna Kanggjeung Nabi Muhammad Saw…
Nya eta anu kaseubut ku para Wali mah,eta teh sajatining hirup atawa sajatining shahabat
Nya eta gumulungna Zdat jeung Sifat nu Maha Suci,jadi sok sanajan urang oge lamun kapanggih mah jeung Tarekatna Wali,Insya Allooh bisa teupang sareung Hakekatna Rosulullooh Saw…
Samangsa_mangsa geus bisa teupang sareung Hakekatna Muhammad kakara di aku Umat Rosulullooh Saw…
Jeung Insya Allooh eungkena bakal di candak kana kasalameutan anjeuna ,nya eta kana kasucian
Lamun teu acan teurang kalawan yaqina ka Rosulullooh boh kana Majajina atawa kana Hakekatna,eta urang teu acan syah ngaku_ngaku jadi Umat Rosulullooh Saw…
Sabab dina Rukun syahna maca Shadat oge geus di teurangkeun dina:
1.Kudu neuteupkeun heula Zdat Allooh Ta’ala
2.Kudu neuteupkeun heula Sifatna Allooh Ta’ala
3.Kudu neuteupkeun heula Asma’na Allooh Ta’ala
4.Kudu Sidik ka Rosulullooh
Tah geuningan kitu syahna maca shadat teh,geuning kudu sidik heula ka Rosulullooh Saw…
Kumaha bisa neuteupkeun ayana Allooh jeung Rosulullooh lamun teu nyaho (Ma’rifat) kana sifat_sifatna
Sabab basa neuteupkeun teh kudu puguh heula barang_barangna anu di teuteupkeunana
Geuning sateumeun_teumeuna maca kalimah shahadat the lain darapon nyeubut bae
Sabab lamun darapon nyeubut bae mah budak leutik oge bisaeun,nu matak Wajib jeung nyahona
Sabab lamun teu jeung nyahona mah ibarat urang urang maca program bioscop anu rame tapi teu jeung lalajona,iraha rek jadi kani’matanana ka urang…
Kitu deui sok sanajan teu maca programna,lalajo_lalajona mah ke teumpat eta bioscop…
Naha utama mana anu maca program atawa anu lalajona?
Kitu deui dina Bab Agama (ilmu) nu ngaos atawa anu ngadangu kana eta kitab,ulah gancang teu peurcaya,ulah waka gancang ngalain_lain kana ieu zaman geus akhir
Pikiran jalma geus naraek ,geus teu pati hayangeun di bobodo
Jalma ayeuna mah dina sagalaning rupa hal karasa haying yaqin
Sing ingeut kana babasan kolot baheula:
“Batu turun keusik naek
“Tangkal kalapa tonggoheunana
“Itu purun ieu daek
“Sarua bogoheunana
Moal aya halanganana mungguhing di dina kaweunangan Allooh mah
Si kolot jadi bodo
Si budak jadi pinteur
Atawa sabalikna tikitu…….
Jeung kudu ingeut Elmu mungguh Rosulullooh Saw eta aya opat pangkat
1.Elmu Sare’at
2.Elmu Tarekat
3.Elmu Hakekat
4.Elmu Ma’rifat
Dina jalan kiwari mah Elmu Ma’rifat anu di arudag_udag teh hayang sidik ka Allooh jeung ka Rosulullooh Saw,da bongan aya dalil kieu:
“Wa’bud Robbaka Hatta Ya’tial Yaqin
Hartina:
“Nyeumbah ka Allooh teh kudu sidik sarta yaqin supaya Syah Zdatna,Syah Sifatna,Syah Af_alna dina eunggoning ngumbara di dunya
Sing teupi ka ngarasa teu pisahna jeung Allooh sareung Rosulullooh Saw…
Samangsa_mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allooh sareung Rosuullooh Saw…
Sugan piraku jalma rek goreng tekad atawa goreng laku lampah sapeurti:
Sirik pidik jail kaniyaya ka sasama makhluqna
Tangtu ngarasa isina lantaran diri ngarasa di ponconghok beurang jeung peuting ku Pangeran ( Allooh )
Sagala hal moal bisa di sumput_salindungkeun deui
Jeung sagala kalakuan naon bae moal make jeung ujub rya jaeung takabur sabab ngarasa diri teh geuningan teu aya kakawasa’an
Estuning apeus tur hina,bodo jeung do’ifna
Bisa soteh aya rezeqi pagawean singhoreng ku aya pitulung ( Rahmat ) nu Maha Suci ( Allooh )
Nya eta ku ayana Qudrot_Irodatna anu Maha Kawasa ( Allooh Shubhanahu Wa_Ta’ala )
Jadi ayeuna bisa di teupangkeun,sasama makhluq Allooh Ta’ala
Boh dinu ma’siat,boh di leube,boh di santri atawa kyaina sorangan
Ciri_ciri eta si jalma teh acan ngarasa deukeut jeung Rosulullooh Saw,sumawona jeung Allooh mah…
Samangsa_mangsa teu ngarasa deukeut_na jeung Pangeran ( Allooh ) tangtu tekad jeung lampahna cicing dina ujub rya jeung takabur
Sok ngaku aing pinteur heunteu deungeun jadi jalma anu kitu teh ngaku boga Qudrot_Irodat Pangeran…
Jadi ngareubut atawa mapadani kana kakawasa’an Pangeran Allooh Ta’ala
Kapan teu gampang urang ngaku Islaam teh…
Sumawona tadah_tuduh kabatur si itu Islaam,si itu Kafir…
Sabab Islaam jeung Kafir_na manusa anging Allooh Ta’ala anu Maha Uninga di sanyatana mah.


Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI