Selasa, 17 September 2019

8 ASALNA MANUSA




8 ASALNA MANUSA
Ayeuna urang malikan deui ti pasal Adam,tadi di luhur geus di caritakeun anu di dameul Adam Majaji teh nya eta Lima:
1.Aci Cai
2.Aci Bumi
3.Aci Seuneu
4.Aci angin
Bilih bae anu ngaos sareung anu ngadangukeun ieu kitab nyangka saperti,seuneu,angin,cai,bumi teh di peureus saperti nyieun aci sampeu,sa eunyana lain kitu.
Jadi anu ka seubut aci aeuneu,angin,cai,bumi teh buktina nya eta ngan sa ukur anu jaradi dina taneuh saperti tatangkalan anu geude anu leutik sabab kapanan sidik bisana ngageudean tatangkalan anu geude anu leutik teh ku opat peurkara:
1.Cicing Dinu Taneuh
2.Kudu Kacaian
3.Kudu Ka Anginan
4.Ka Panasan
Cacakan karek ku kahieuman oge geuning tara jaradi buah,jadi ku sabab kitu tatangkalan lila cicingna dina bumi lila kacaianana,lila ka anginanana,lila kapanasanana,jadi eta hawa_hawana arasup kanu tatangkalan sanggeus geude tangkalna nya teurus bijil buah,tah eta bubuahan teh bakating ku lila ka panasan,ka anginan,ka caian,cicingna dina bumi ngajadi kolot,ngajadi bahan_bahan anu di parake hirup huripna manusa.
Sok sanajan urangn oge asalna nya tidinya bae,ngan beda Adam mah di dameulkeun ku Allooh Ta’ala barang kadieukeuna mah sanggeusna aya Adam jeung Babu Hawa atawa Indung Bapa urang,bubuahan teh di dahar heula nya kajadian aya Wadi,Madi,Mani,Manikeum.
Barang eta Wadi,Madi,Mani,Manikeum teupung teugeusna kontak jeung sorotna Nur Muhammad cahayana anu opat perkara tea,nya kajadian kimpeul ngajadi jabang bayi di jeuro beuteung Indung.
Ari anu teu jadi mah nya eta anu teu kontak tea,teugeusna heunteu teupung jeung Nur ( ROH ) sabab tadi oge Allooh Ta’ala teu weunang ,weunang ngajadikeunana jeung weunang teu ngajadikeunana.
Manusa mah teu aya kakawasa’an tapi ngan sa ukur ngajadikeun cukang lantaran pikeun ngayakeun piwadaheun ROH ,nya eta tinu sakur anu di dahar.
Sabab Indung Bapa urang lamun teu barang dahar ,moal aya kajadian cimani_na.
Dina waqtu orok di jeuro beuteung teu aya nyawa,ngan kakara aya hirup wungkul ,nya eta ROH suci tea
Anu matak teu acan aya rasa nanaon ,barang gubrag kaluar ROH suci kontak,hartina teupung jeung Hawa ieu alam dunya.
Nya eta:
Hawa_na Bumi
Hawa_na Seuneu
Hawa_na Cai
Hawa_na Angin
Nya kajadian eta orok aya napasna,tah eta anu di ngaranan SIFAT NYAWA teh.
Ari Hakekatna Nyawa nya eta,Rasa Jasmani dina waqtu eta panon bunceulik teu acan aya AWASna.
Ceuli molongo teu acan aya Dengena
Irung can aya Angseuna
Sungut tacan bisa Nyarita ngan karek aya sorana wungkul.
Barang geus di bere barang dahar nya eta cisusu atawa kadaharan naon bae nya eta tina acina Bumi, Cai, Angin, Seuneu, jadi eta anu opat perkara teh kajadian deui Acina nya eta ngajadi GEUTIH opat peurkara anu di seubut ROH JASMANI.
1Geutih Hideung
2.Geutih Beureum
3.Geutih Bodas
4.Geutih Koneng
Ari Geutih Hideung eta kajadian tina Acina Bumi, Acina sumurup kana kulit,nya ngarubakan kulitna orok hawana kaluar bijilna kana baham,wateukna bisa ngomong.
Ari Geutih Beureum eta kajadian tina Acina Seuneu surupna kana daging nya ngageudean orok teh,nya hawana kaluar bijilna kana ceuli wateukna bisa ngadenge.
Ari Geutih Bodas eta kajadian tina Aci Cai sumurupna kana tulang nya ngageudean tulang balung orok hawana kaluar bijil kana panon wateukna bisa ningali jeung awasna.
Ari Geutih Koneng eta kajadian tina Aci Angin sumurup kana sungsum nya eta ngaloba’an sungsum orok hawana kaluar bijil kana irung,wateukna bisa ngabeo (ngangseu).
Sanggeus eta orok geus rubak kulitna ,geude kulitna ,geode dagingna ,geude tulangna ,loba sungsumna nya kaluar deui HAWAna nya eta nafsu anu opat:
1.Amarah
2.Lowamah
3.Sawiyah
4.Mutmainah
Nya eta buktina sagala kahayang anu hade jeung anu goreng.
Tah geuningan bukti ngageudeanana jasad teh ,sok sanajan tanaga pikiran ,akal sumawona paningal pangreungeu, pangucap, pangangseu, teu aya deui anging ku pitulung ROH.
Seuneu, Cai, Angin, Bumi
Naon sababna pangna nulungan kitu teh?
Teu aya deui pangna kajadian sagala ti dinya teh supaya eta parabot_parabot kudu di gunakeun pikeun Ibadah jeung kudu di pake parabot keur nyieun jalan pikeun nganyahokeun asal,nya etaka Allooh Ta’ala.
Sabab geuning manusa anu ka teuteupan Agama
Nya manusa anu kateuteupan Elmu
Nya manusa anu bakal nyampurnakeun ROH sa alam dunya
Nya manusa anu bakal mawa balik deui ka Allooh Ta’ala.
Anu matak sakabeh ROH_ROHna alam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa sumawona ROHna Bumi, Seuneu, Cai, Angin mah,eta sapopoe,sok sanajan ROHna sato anu halal jeung anu haram, nu beureusih anu najis ,eta sakabeh pada arasup bae ka manusa.
Nya kumaha jalan_jalana beut bisa kitu?
Begini ceritanya:
Ayeuna saperti tatangkalan atawa kai ,beuneur sare’atna mah teu di dahar ku manusa tapi kapanan sok di pake nyuluhan sangu atawa naon bae,tangtu eta ROHna teh asup kana sangu,anu matak jadi beda rasana,keur tadi mah beas keneh ari geus di suluhan atawa di asakan naha beut jadi sangu.
Kitu deui bangsa sato anu haram tur anu najis oge milu arasup,puguh da ari jenisna mah teu di dahar , tapi lamun seug aya bangke anjing atawa bagong paeh jasadna kabawa cai,teurus jasadna eta bangke di hakan ku lauk cai anu aya di eta walungan atawa anu aya di eta lautan ,tangtuna eta lauk cai teh balik deui ka manusa,buktina geuning urang sok ngadahar lauk cai atawa lauk anu hasilna ti lautan.
Lamun pareungkeun paehna eta sato teh di daratan pareung deukeut peupeulakan ,conto soal tangkal cau teurus eta cau teh di dahar ku urang ,jadi ayeuna mah jeulas yen manusa teh ngajadikeun cukang pikeun mareuntasna ROH_ROH sa alam dunya pikeun bisa balik deui ka Allooh Ta’ala.
Ku sabab kitu ,sidik Gusti Allooh mah Suci, teuteup teu nyiksa,teu ngaganjar
Sateugeusna anu bakal nyiksa mah,ROH_ROH anu tina sagala rupa anu geus asup ka manusa
Ku sabab teu di bawa balik deui ka Allooh Ta’ala
ROHna Seuneu eungke bakal jadi naraka Panas
ROHna Cai eungke bakal jadi naraka Ti’is
ROHna Bumi eungke bakal jadi naraka Poek
ROHna Sato eungkena bakal nyeureudan atawa ngageular kana nyawana manusa.
Ku ayana katerangan di luhur geus jelas jeung sidik tur nyatana,nyen urang teh kudu bisa nyampurnakeun sagala kadaharan anu ku urang di dahar ngajadi jasad jasmani, sing bisa ngajadi sampurnaning sampurna.
Beak RASA beak JASMANIna
Taya kajaba iwal ti ,ku jalan kudu nyucruk_nyucruk galur para karuhun,nuturkeun Tarekatna para Wali anu mana geus beuneur_beuneur neupi Kama’rifatanana ka Allooh Ta’ala.
Geuning anu kabeh di eunyakeun mah Kangjeung Gusti salian Syekh Agung Sarif Hidayatullooh Wali kutub cireubon,mi’raj_na teh dugikeun ka tiasa teupang sareung Hakekatna Kangjeung Nabi Muhammad Saw.
Nya eta anu di seubut Johar Awal tea teugeusna Sifatna nu Maha Suci
Anu di seubat ku para Wali mah Sajatining Hirup
Kanggo salajeungna ,geura mangga pidameul atanapi laksanakeun syahna maca SAHADAT teh sing neupi ka Syah Zdatna, Syah Sifatna, Syah Asma’na, Syah Ap’alna,dugikeun kana:
“INNA LILLAAHI WA INNA ILAIHI ROOJIUUN…….
Kanggo tahapan kama’rifatan anu ngawitan ,di ceukapkeun sakieu heula kantun midameulna bae,jalaran sagala syarat pakakas parantos AYA DINA DIRI URANG PRIBADI.

Walloohu Alam.

     _______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
    SALAAM SILIWANGI