Rabu, 04 September 2019

7 LAMPAH KI SUNDA




7 LAMPAH KI SUNDA

Aya 7 nu kudu di pilampah dina kahirupan sapopoena pikeun Ki Sunda nya eta :
1. JEMBAR DINA SABAR;
Ngandung hartos yen Ki sunda kedah ngagaduhan kasabaran anu ikhlash datangna tina ati Sanubari ulah rek geuneuk maleukmeuk, kalayan tawakal ka Hyang Maha Tungal ( Allooh Ta’ala )( Tuhan Yang Maha Esa ) sareng daek ihtiar.


2. BEAR DINA BUDI ;
Ngandung hartos yen ki Sunda kedah tetep ramah tamah,sopan santun,nete taraje,nincak hambalan,leuleus jeujeur,liat tali, malapah gedang, dina cumariosna ulah arek adigung adiguna/ sombong, ujub ria, takabur,teu weuleh kudu hormat ka Sasama.


3.SURTI DINA HARTI ;
Ngandung hatos yen Ki Sunda kedah surti ati-ati sareng taliti kana naon nu di ucapkeun sababna naon nu di ucapkeun ku Ki Sunda kedah sami sareng nu di lampahkeun mun nyiduh kudu sa crotna, mun ngadek kudu sa kecekna ,mun nilas kudu sa keplasna.
Hartosan euntong rek asa-asa kudu panceug dina hiji Pamadeugan /ulah unggeuk ka linduan ulah rek eundag ka anginan kalayan ulah arek bohong.


4.WASPADA DINA PERMANA;
Ngandung hartos lain awasna mata tapi awasna rasa, ari awasna rasa nya eta nyaho kana sabab jeung akibat.
Contona upami urang maling mun ka pendak ku polisi matak di tangkeup kalayan di penjarakeun, mun ka pendak ku masyrakat matak di gebugan matak babak belur, atuh maling teh euntong da matak cilaka kalayan ngarugikeun nu sanes da urang oge pan alim di rugikeun,.mun urang di teunggeul ku batur karasana nyeuri atuh, urang oge ulah arek tunggal teunggeul ka sasama hirup, da karasana nyeuri tah eta upami saur sepuh mah tiasa debat oge NGAJI RASA SARENG NGAJI DIRI tiasa ngarasakeun rasa perasa’an nu sanes.


5. TEUNEUNG DINA LUDEUNG ;
Ngandung hartos yen Ki Sunda arek indit ka mana wae atanapi di mana wae ayana mun urang boga itikad/niat hade kalayan di barengan ku laku lampah anu hade jeung sasama hirup...mun tiasa mah ulah arek carekeun batur, euntong hariwang da tinangtu bakal pinanggih sareng kasalametan.

6.TANDANG DINA KAMELANG ;
Ngandung hartos mun urang ngarasa hariwang dina milampah hiji pagawean lakukeun ku sorangan sabisa-bisa kamampuan urang sorangan, ulah rek maksakeun tapi lamun urang jadi Pamingpin ulah ngan saukur diuk di korsi gading, bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang, haok ka dua gaplok, tapi kudu terjun langsung ka rahayat ngadenge langsung pangabutuh Rahayatna, sarendeuk saigeul jeung Rahayatna, dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagarana, supaya sarua di majajarana sajajar, antara rahayat jeung Pamingpina, ulah ngan saukur ngadenge laporan ti bawahan.


7. BELA PATI DINA TUNGGARA ;
Ngandung hartos yen Ki Sunda Kudu daek ihtiar Usaha Tarekah pikeun ngabela’an diri, dina sagala widangna, supaya ngajadikeun diri urang, salamet lahir tumakaning batina,
Contona mun urang lapar pan kudu dahar, ari dahar teh sanguna pan kudu di ihtiaran, moal datang soranagan..lamun pikeun pamarentahan hartosna, bela pati dina tunggara, yen para Paminggpin (k)mudu bisa usaha, ihtiar tarekah, pikeun ngamakmurkeun Rahayatna, lain jang dirina Pribadi, da moal aya Paminggpin Mun teu aya Nu di Pingpina ( Rahayatna )
Tah eta mangrupakeun laku lampah Ki Sunda anu kedah di lakoni sadidintena, supaya urang akur sadudulur, repeh rapih sabilulungan sifat gotong royong.
SILIH ASAH (silih beja’an/simbeuhan ku pangarti anu hadena)
SILIH ASIH (ku ka nya’ah, ka deudeuh jeung silih ajenan)
SILIH ASUH (silih elingan dina waqtu laku lampah urang nincak dina lalampahan anu salah ) .
Margina urang butuh pangeling /panggeuing tinu sanes, ulah bener teh ngan saukur ceuk sorangana wungkul, tapi (k)mudu saluyu sareng balarea... anu teu ngalanggar kana katangtuan hukum nu berlaku di ieu Nagri..supagi salamet lahir tumakaning bathin...hapunten anu kasuhun bilih aya nu teu sapagodos ulah arek bendu ieu mah ngan saukur saur sepuh ari saur mah pan (k)mudu di talungtik deui, naha leres atanapi salah gunakeun, akal sareng fikiran anu wening dina nalungtikna.
Hatur nuhun ...Hung Ahung Tatya Ahung Tabe Pun


     _______/|\______

       ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨

    SALAAM SILIWANGI