Selasa, 03 September 2019

Renungan Islaam BBR77




Asal Urang Teh Timana
Keur Naon Urang Ayeuna
Rek Kamana Urang Balikna
Sok Jawab Ngarah Salameutna


Hirup Kudu Ngalobakeun Ibadah
 Sabab Eta Mangrupakeun Parentah
 Prentah Allooh Ku Anjeun Ulah Di Bantah
 Kitu ge lamun kasalameutan diri anu di arah.

 Lamun Nyarita Kudu Sing Nyata
 Ulah Ngan Sakadar Jdi Hiasan Tinta
 Ka Ikhlashan Diri Ku Allooh Di Penta
 Bongan Anjeun Dina Diri Loba Pamenta.

 Saur Diri Kudu Di Ukur
 Ulah Ngalobakeun Takabur
 Sabda Diri Ulah Sok Kumuluhur
 Ngarah Tepi Ka Allooh Nu Mh Ghofur.

 Isuk Jaganing Geto Urang Pasti Bakal Mulang
 Nyawa Di Pundut Waqtuna Geus Datang
 Mulangna Diri Lain Ka Hayang Urang
 Tapi Kahayang Nu Mh Weunang 

 Ayeuna Urang Ngalaksanakeun Puasa
 Ngalaksanakeun Parentah Nu Mh Kawasa
 Tingkatkeun Amal Ibadah Salagi Umur Nyesa
 Ulah Teurus wae numpuk2 Milampah Kana Dosa.

Nu Penting Ngalakonan Hirup Iiman Di Patri
Sok Komo Ngalokan Ibadah Bari Jeung Nyantri
Tara Popoyok Bari Di Leubok Bersih Ati Sanubari
Lamun Beurang Mah Ibarat Ca'ang_na Jiga Matahari

Ngeunah nyandang ngeunah nyanding ngeunah seuri
Seuri leutik dina ati sok sanajan sa'eutik tapi nyari
Puguh Kitu Kalakuan Jalma Di Zaman Kiwari
Ngaku Karuhun Nu Puguh Jurig Nyiliwuri




Hirup Burukeun Thobat
Ulah Angger Wae Ma’siat
Tuh Tingali Pasaran Ngaliwat
Mere Tangara Burukeun Sholat

_______/|\______
  ¨¨¨¨¨¨¨˜°°˜¨¨¨¨¨¨
  SALAAM SILIWANGI