Rabu, 18 September 2019

Renungan Islaam BBR77




°˜¨¨¨Pigawe Sing Bener Syare'atna
°˜¨¨¨Sarengan Sareng Tarekatna
°˜¨¨¨Haqqul YaQin Hakekatna
°˜¨¨¨Ngarah Hasil Ma'rifatna

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Nya Puguh Kitu Tea
°˜¨¨¨Jalma Nu Lamokot Dosa
°˜¨¨¨Ongkoh Hayang Jadi Manusa
°˜¨¨¨Tapi Buktina Kana Diri Ngabinasa

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Lamun Di Ajak Ngaji Nu Sabenerna
°˜¨¨¨Sok Tara Daraekeun Sabab Ego Dirina
°˜¨¨¨Kadang2 Ngabalieur Miceun Beungeutna
°˜¨¨¨Nganggap Batur Handap Keneh Ti Manehna

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Naha Anjeun Kana Diri Ngabohongan
°˜¨¨¨Naha Atuh Beut Terus Kajongjonan
°˜¨¨¨Nyata Bohong Dosa Gede Gan
°˜¨¨¨Nambah2 Balai Ka Sorangan

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Buru_Buru Bohong Kurangan
°˜¨¨¨Lamun Bisa Burukeun Eureunan
°˜¨¨¨Ngarah Bathin Aya Dina Katenangan
°˜¨¨¨Jauh Pipanyakiteun Menang Kasalametan
______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Diri Kudu Tigin Kana Janji
°˜¨¨¨Ngarah Ngurah Ngaruh Ngahiji
°˜¨¨¨Angguran Ka Gusti Lobakeun Muji
°˜¨¨¨Hiji Hiji Hiji Pok Pek Prak Gera Ngaraji

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI

°˜¨¨¨Mangkukna Lain Poe Nu Kamari
°˜¨¨¨Tapi Pikeun Ngomean Akhlaq Diri
°˜¨¨¨Jaga Lisan Ulah Sok Nganyeunyeuri
°˜¨¨¨Sombong Adigung Kurangan Suka Seuri

______/|\_____
¨¨¨¨¨¨¨˜°
°˜¨¨¨¨¨¨
SALAAM SILIWANGI